Jumat, 01 Februari 2013

SEJARAH KOTA PURWAKARTA

Diposting oleh littlecloud di 00.19

NYUCRUK GALUR SAJARAH PURWAKARTA



NIM 1101507
Kelas 2 A

Gedung Kembar - Sadewa - Perpustakaan Daerah Kota Purwakarta - 2012
          Dina jaman VOC abad ka-17, kacaturkeun Sultan Mataram ngirimkeun wadyabalad tentara anu dipupuhuan ku Dalem Surabaya ka Tatar Sunda. Tujuanana pikeun meruhkeun kasultanan Banten. Di jajalaneun bèntrok jeung wadyabalad VOC, nepi ka kapaksa wadyabalad Mataram mulang deui. Sanggeus kitu, wadyabalad Mataram datang deui anu ayeuna mah dipupuhan ku Dipati Ukur. Tapi nasibna sarua, èlèh ku tentara VOC.
          Pikeun nyungkeret kakawasaan VOC, Sultan Mataram ngutus Panembahan Galuh, nya èta R.A.A. Wirasuta anu nyangking gelar Adipati Panatayuda atawa Adipati Kertabumi III pikeun ngaheuyeuk Rangkas Sumedang nu perenahna wètaneun walungan Citarum jeung ngawung kuta di Tanjungpura, Adiarsa, Parakansapi, jeung Kutatandingan. Sanggeus ngawung kuta, Adipati Kertabumi III tuluy mulang deui ke Galuh.
          Lila ti lila, ngaran Rangkas Sumedang robah jadi Karawang tina kecap karawaan, dumèh di èta wewengkon loba rawa.
          Dina taun 1656, Sultan Agung Mataram ngangkat putra Adipati Kertabumi III pikeun jeneng Dalem di Karawang kalawan dibèrè gelar Panembahan Singaperbangsa. Ari puseur dayeuh Karawang mangsa harita nya èta di Udug-udug.
          Dina taun 1679 nepi ka taun 1721 mangsa pamarèntahan R. Anom Wirasuta anu nyangking gelar R.A.A. Panatayuda, putra Panembahan Singaperbangsa, puseur dayeuh Karawangpindah ti Udug-udug ke Karawang. Ari wilayah kakawasaan Karawang harita ngawengku Cihoè atawa Cibarusah jeung Cipunagara.
          Balukar robahna kakawasaan Hindia Belanda ti pamarèntahan Belanda ka Inggris, pamarèntahan Kabupatèn Karawang tèh lumangsung ti taun 1811 nepi ka taun 1816.
          Sabudeureun taun 1819 nepi ka taun 1826, pamarèntahan Belanda mulangkeun kakawasaan ka pamarèntahan Inggris, anu cirina masrahkeun wewenang parabupati ku Gupernur Jenderal Van der Capellen. Ku kituna, Kabupatèn Karawang ngadeg deui dina taun 1820, kalawan wilayahna ngawengku wewengkon wètaneun walungan Citarum nya èta Cibèèt jeung kuloneun walungan wètaneun walungan Cipunagara, iwal onderdistrict Gendasoli anu ayeuna mah katelah Plèrèd, sabab kaasup wewengkon Kabupatèn Bandung.
          Bupati anu munggaran nyakrawati di Kabupatèn Karawang nyaèta R.A.A. Surianata ti Bogor nu katelah Dalem Santri, anu satuluyna milih puseur Kabupatèn Karawang di Wanayasa.
pertokoan pasar Jum'at - 2012
          Dina taun 1830, mangsa pamarèntahan Kabupatèn Karawang dicangking ku R.A Suriawinata nu katelah Dalem Sholawat, puseur dayeh Kabupaten Karawang pindah ti Wanayasa ka wewengkon Sindangkasih nu dingaranan Purwakarta. purwa hartina mimiti, Karta hartina raharja. Jadi, mangsa harita tèh Purwakarta hartina dayeuh nu ngamimitian ngawangun kartaraharjaan pikeun nu dumukna. Ari Sindangkasih tetep jadi ngaran tempat puseur dayeuh Purwakarta. ti mangsa harita metembeyan pangawangunan, di antarana Gedong Karèsidenan, Pendopo, Masjid Agung, Situ Buleud, Situ Kamojing, jeung Solokan Gedè.
          Dumasar kana besluit Gupernur Jenderal, tanggal 20 Juli 1831 Nomer 2 (lampiran1), Purwakarta resmi jadi puseur dayeuh Kabupaten Karawang. Ku kituna, tanggal 20 Juli 1831 ditetepkeun jadi titi mangsa ngadegna Purwakarta. titi mangsa èta diwewegan ku Peraturan Daèrah Nomer 2, tanggal 3 Juni 2006 ngeunaan ngadegna Purwakarta nya èta tanggal 20 Juli 1831.
          Pamarèntahan Kabupatèn Karawang anu puseur dayeuhna di Purwakarta lumangsung nepi ka taun 1949. Ku ayana Surat Keputusan Wali Negeri Pasundan Nomer 12 tanggal 29 Januari 1949, Kabupatèn Karawang di bagi dua. Karawang bagian wètan jadi Kabupatèn Purwakarta anu puseur dayeuhna di Subang, dipupuhuan ku R. M. Hasan Suria Sacakusumah. Karawang bagian kulon jadi Kabupatèn Karawang.
          Sabubarna Nagara Pasundan dina 11 Maret 1950, Pamarèntahan RI ngabebenah wilayah administratif. Dumasar Undang-undang Nomer 14 tanggal 8 Agustus 1950 ngeunaan Pembentukan Daerah Kabupatèn dalam Lingkungan Provinsi Jawa Barat, Purwakarta ditetepkeun jadi Kabupatèn anu puseur dayeuhna di Subang, dipupuhuan ku R.P. Suyono Hadipranoto miangka Bupati ti taun 1950 nepi ka taun 1958. Ari wilayahna ngawengku 5 (lima) kawadanaan nya èta: Purwakarta, Subang, Pamanukan, Ciasem, jeung Sagalaherang.
          Dina bulan Dèsèmber 1953, parainohong Purwakarta meredih ka Pamarèntahan puseur sangkan puseur dayeuh Kabupatèn Purwakarta di pindahkeun ti Subang ka Purwakarta, tapi teu dicumponan. Taun 1963, pameredih tèh robah jadi kahayang pikeun ngawangun Kabupatèn Purwakarta anyar nu puseur dayeuhna di Purwakarta. èta pameredih kakara dicumponan dina taun 1968. Dumasar Undang-undang Nomer 4 tanggal 19 Juni 1968, nya diwangun Kabupatèn Purwakarta anyar anu puseur dayeuhna di Purwakarta, jeung Kabupatèn Subang anu puseur dayeuhna di Subang.
Jalan Veteran di depan Kampus UPI kamda Purwakarta - 2012 - malam
          Kabupatèn Purwakarta ngawengku 4 (opat) kacamatan nya èta: Purwakarta, Plered, Wanayasa, jeung Campaka. Katambahan ku Dèsa Kertamanah jeung Sukasari ti Kabupatèn Karawang tur Dèsa Ciramaewah jeung Citamiang ti Kabupatèn Cianjur. Jadii kabèhna ukur 70 dèsa.
          Pikeun jeneng Kepala Daèrah Purwakarta anu masih kènèh kosong, R.H. Sunaryo Ronggowaluyo ditetepkeun nyangking kalungguhan Pejabat Bupati, sarta S. Syam jeung Mohamad Husein Syabih ditetepkeun pupuhu jeung sulur pupuhu DPRD Gotong Royong. Dua minggu ti harita tanggal 12 Juli 1968, Menteri dalam Negeri, Letnan Jenderal Basuki Rahmat ngaresmikan ngadegna Kabupatèn Purwakarta anu puseur dayeuhna di Purwakarta jeung ngistrènan R.H. Sunarya Ronggowaluyo nyangking kalungguhan Bupati Purwakarta.

0 komentar:

Posting Komentar

 

Me, and In Template by Ipietoon Blogger Template | Gadget Review